The Green School

The Green School
Jl. Jatiluhur Bloh H/4 Komplek Baranang Siang Indah

Selasa, 27 April 2010

Cacah vs Menak Re: Bupat Priangan asal Pajang lain Mataram


             Ah da panginten hirup mah kitu kang resep ku asesoris, resep gigindingan da ari
hos mah geuning nya dibuntel ku kain bodas we... Tapi najan geus jadi mayit,
bugang keukeuh we nu hirup ngaasesoris...make upacara lah, make kuburan agreng
lah.
            Ku alatan resep gigindingan nya teu cacah teu menak tetep ngarudag
"legitimasi", hayang diaku tea. Der nyarieun silsilah nu engkena nyambung ka
Rasulullah, Nabi Adam. Atuh pami lokal nyambung ka raja-raja nu tos aya. Pami
ceuk kuring mah tahap/perspektifna masih sajarah keur sajarah, tacan sajarah
keur nyieun sajarah.....
            Pak Harto oge tos sae tah nerapkeun sajarah Sultan Agung dipake keur nyieun
sajarah. Mun kacamata karajaan mah Pa Harto teh hebat.....ngan salah pasang da
jamana geus robah ku alatan globalisasi nu cirina demokrasi, HAM, jadi we upeti
jadi emut kana sajarah (alm) Pa Harto, anu diserat
dina sababaraha buku, kitu oge saur inyana, anu ngaku
budak desa anu dilahirkeun di Desa Kemusuk,
yogyakarta.
Padahal mah ceuk cenah, pa harto teh masih aya katurunan ti raja-raja jogya, tapi sanes ti istri
resmi (permaisuri). Panginten ngaku budak desa pikeun nunjukkeun ka balarea, jalma cacah oge tiasa jeneng jadi pamingpin, atanapi supados langkung merakyat.

            Tapi kadieunakeun, eta carita (mitos) teh jadi patojaiyah, ku ayana astana Giribangun. Ceuk sakaol mah sajarah diwangunna astana giribangun, pedah kulawarga pa harto teu kenging dikurebkeun di kompleks makam katurunan sareng raja Jogja, nyaeta Imogiri. Tah, kasang tukang kitu, astana giribangun "nandingan" imogiri. Ceuk cenah mah, giribangun teh leuwih agreng batan imogiri.
            Tah, upami nuturkeun "logika" asal ti desa, upami leres ti desa sareng hoyong "ngahiji" sareng rahayat, sakedahna mah teu kedah ngawangun giribangun atanapi dikurebkeun di Giribangun. Sapertos pa Hatta, contoh pamingpin anu dikurebkeun di makam umum, sok sanajan, gaduh hak dikurebkeun di taman makam pahlawan. (tapi didieu rupina karakter urang sebrang benten sareng karakter urang Jawa).
            Kapungkur kantos maca buku seratan (alm) Dr. Alfian, anu ngadongeng mitos ratu adil/erucakra, dimana para pamingpin sok ngait-ngaitkeun kahirupanana ka para tokoh anu janten mitos di masyarakatna, supados nambih kawibawaan/pangaruhna. Dina perkara ieu, sanes wae pamingpin/tokoh politik anu sok ngait-ngaitkeun sareng mitos, tapi oge para pamingpin agama. Contoh jelasna "Mitos Gus Dur" anu rame dipadungdengkeun di milis ieu, satengah katurunan raja tiongkok, satengah deui katurunan ti Arab, para nabi penyebar agama Islam.
            Jadi, jigana sajarah urang teh pinuh sajarah para tokoh/pamingpin/raja. Teu aya tempat kanggo sajarah para cacah.(ceuk sakaol mah, cenah, upama kahirupan ieu dipinuhan ku sajarah para cacah, moal katampung, pinuh pisan). Jadi, nya, wayahna sajarah kahirupan dieusian ku para tokoh. Tos, wae para cacah mah cekap ngucapkeun "sumuhun dawuh".
baktos,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar